ti Prabu Resi Rakeyan Bimaraksa/Aki Balagantrang
Ceuk Lengser: "Gusti! Tétéla katémbong jelas dina ombak, kaserat dina buih lampah urang ngan di dieu, urang sadaya dilarang meuntas ka Nusa Larang, lain dilarang meuntas, tapi. urang kudu cicing di Nusa Larang, sabab!! coba dengekeun," ceuk Lengser bari masangkeun ceuli
“Ceuk ombak meupeuskeun karang, ceuk angin ngahiliwir di tengah laut, tetela engke Nusa Larang bakal datang, diilikan ku batur jeung perang,” ceuk Lengser.
Lengser ngucapkeun basa, maca hurup basa rasa nu ditulis jelas dina ombak, mangsi buih hérang, kujang cai mawa béja, nyaram saha nu meuntas.
Lengser Waskita Hirup lir Dewa ti Kahyangan, tetempoan seukeut bisa nembus tanpa wates jeung ngarti kana basa Alam.
Bisa dicegat jeung rusiah ombak jeung angin bisa kaungkap, nyarita kalawan jelas, waktu leungit, sabab alam bakal ngahalangan.
Cai laut oyag siga nu hayang ngadat, angin ngagelebug kana ombak di sagara.
Ki Lengser mamandapan akrih meredih "Hapunten, Gusti, hampura ka kakasih abdi, abdi moal nincak jejak,
moal neangan Embah. Ieu mangrupikeun takdir anu teu tiasa ditolak
“Sanés ngalarang nyebrang, tetep di Nusa Larang,” pokna
Nusa mangrupikeun rasana cai dunya,
dina jiwa Bumi sareng jantung Manusa,
imah wening darah sunda,
Tong indit sabab sieun nyanghareupan maot, wani nyanghareupan lawan kalayan sumanget prajurit,
Jelaskeun kahayang Niskala Pewaris Luhung Padjajaran..
Ditulis : Radén Wisnu Kusumahwardana
Editor. : N Soedjana Angga Soemadhinata
Puragajati Padjadjaran
Puraga Kulon
Kawula Alit
Tidak ada komentar:
Posting Komentar